UltrAsgar
23/03/2017
KUDU BANGGA JADI URANG GARUT TEH,HEHEHEH
BACA NYA TI AWAL NEPI KA AHIR,KIKIKI + LIKE
==================
GEMERLAP BINTANG ASGAR(ASLI GARUT)
MASIH BERFIJAR
Sederet artis lainnya tercatat (alm)
Elfa Secioria, Merry Andani, Lady
Avisha, Hana Marlina, Renny
Sundari, Widi AB Three, Yana Yulio,
Deswita Maharani, Gita KDI, Brian
Sadela, serta Jammie Aditya,
pelakon Kabayan di film “Kabayan
Jadi Milyuner”.
Pamor artis berlatar Garut bersinar
lagi dengan sukses Mulan Jameela
dari Malangbong, serta Achmad
Dani (Cinunuk, Wanaraja).
Jauh sebelum sukses mereka,
Garut menghangatkan bursa
penyanyi cilik atas kehadiran Yeni
Resyani (1975).
Di kancah penyanyi pop remaja,
sebut p**a nama Anne Rizana
Kosim (1979) dan Yenny Kosim
(1983). Mereka terlahir dari
keluarga (alm) Kosim Danumiharja,
yang kariernya dijejaki Win’s Ayu
Koryatie dan Rina Dahoko.
Bukan hanya membintang,
keartisan Asgar pun tidak kering
dari prestasi bergengsi. Pada
Festival Film Indonesia (FFI) 1973
Jakarta, Dicky Zulkarnaen meraih
Piala Citra untuk Aktor Pendukung
Utama Terbaik dari film
“Pemberang” karya (alm) Has
Manan.
Di FFI pertama itu p**a, Arman
Effendy memboyong Piala Citra –
Aktor Harapan Pendatang Baru
Terbaik dari film “Mereka Kembali”.
Gelar Aktor Terbaik diraih Kusno
Soedjarwadi dari film “Rio Anakku”
karya (alm) Has Manan, di FFI 1974
Surabaya.
Ingat p**a Yatie Surachman, yang
merebut Piala Mitra di FFI 1980
Semarang, dari film “Perawan
Desa” karya (alm) Franky
Rorimpandey. Sosok penerus
sukses mereka, dibuktikan Epy
Kusnandar bergelar Aktor Terpuji
dari sinetron “Ngaca Dong” di
Festival Film Bandung (FFB) 2006.
Dalam FFB 2009, gelar Aktris
Terpuji diraih Rieke Diah Pitaloka
dari sinetron “Bajay Bajuri”.
Sebagai sutradara film, lahir
kemudian nama Wawan
Hermawan.
Pamor artis Asgar kian
berkilau dengan sukses (alm) Ryan
Hidayat, Paramitha Rusadi, Nena
Rosier, Nia Zulkarnaen, Dony
Kusuma, Mia Karmelia, Julia Perez
serta Dicky Chandra.
“Jangan salah, Ambu teh asli ti
Garut atuh! Tulen urang
Ngamplang, Cilawu..” kata Yeti
Syarifah, dengan aksen Sunda-nya
yang kental. Artis film ini terlanjur
dikenal sebagai pemeran Ambu,
dalam lakon “Si Kabayan”
tayangan televisi.
Memang, lembaga Wi-Asgar
(Warga Indonesia – Asal Garut)
menggariskan, kriteria “Asgar”
diberlakukan p**a untuk mereka
yang lahir dari keturunan warga
Garut. Kecuali itu bagi mereka
yang pernah dibesarkan, bertugas,
bersuamikan atau beristerikan
warga Garut.
Karenanya, Rani Permata kelahiran
Ciamis pun, terjaring p**a ke
dalam artis Asgar. Dengan penuh
kebanggaan, sang ROCKER kondang
NICKY ASTRIA, membuktikan
kecintaan pada kampung
leluhurnya.
Potret kenangan Yoyo Dasriyo dan
Nicky Astria, selepas promosi
album “Jarum Neraka” (1985) di
Garut.
Yoyo Dasriyo, Hana Marlina, Eddie
Riwanto dan Elly Subardi, dalam
adegan sinetron “Impian
Pengantin” pertama karya H
Maman Firmansyah (1993).
Sinetron ini yang membidani
kelahiran karier Rieke Diah
Pitaloka.
“Leluhur saya teh asli dari Desa
Cinta, Kecamatan Sukawening! Jadi
saya juga Asgar…” katanya. Jangan
lupakan nama kelompok band
Panbers, yang berjaya di pentas
grup band dekade 1970-an.
Dalam perjumpaan di Bogor, (alm)
Hans Panbers, pernah mengaku
lahir di Garut, saat keluarga
mereka bermukim di Jalan Bank.
Hans lahir di sebuah rumah, yang
kini jadi areal aula BRI Cabang
Garut. Itu asset keartisan Asgar,
yang masih berpijar dengan
sederet generasi barunya.
Di antara sejumkah bintang Asgar,
tercatat beberapa nama yang
merintis karier di kampung
halamannya, seperti (alm) Arman
Effendy, Hana Marlina, Rani Soraya,
Rieke Diah Pitaloka, Yessy Gasela,
Lady Avisha serta Evy Kusnandar.
Selebihnya, bintang Asgar
membesarkan kariernya di luar
Garut. Harga yang pantas, kalau
kekuatan historis dan potensi
keartisan berdarah Garut itu, turut
melatari Garut sebagai kota
pelopor pendirian DPC Parfi Garut.
Organisasi profesi keartisan
tingkat kabupaten pertama di
Jawa Barat. Seberapa besar
kepedulian bintang Asgar, atas
organisasi keartisan itu? (**)
Balé Paminton
Di Garut aya gedong Balé Paminton Inten Déwata. Kawilang agréng, da puguh karék dirénovasi. Éta gedong kiwari dikokolakeun ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupatén Garut. Béjana rék diséwakeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana keur resépsi hajatan atawa pertunjukan. Kawantu gedongna gé alus, béjana ongkos séwana ogé kaitung mahal.
Baheulana, éta gedong téh urut bioskop Garut Theatre. Gedong bioskop. Tapi sabada bisnis bioskop di nagara urang balangkrut, Garut Theatre ogé milu carem. Nya tuluy ku para seniman diririhan sangkan dijadikeun gedong kasenian. Nya dibaékeun. Tuluy cenah néangan ahli basa pikeun muguhkeun ngaranna. Antukna kapanggih pikeun pingaraneun éta gedong: “Balé Paminton Inten Déwata”.
Dina ieu tulisan mah moal rék papanjangan nerangkeun sajarah éta gedong atawa nerangkeun saha anu maké jeung ngageugeuhna. Tapi hayang mesék istilah “paminton” anu dipaké ngaran éta gedong.
“Paminton” tangtu asal kecapna tina “pinton”. Kecap “pinton” téh dina basa Sunda mah cakal anu turunanana di antara “mintonkeun” atawa “pintonan”. “Mintonkeun” ngandung harti “némbongkeun”. Ari “pintonan” ngandung harti “tongtonan” atawa mun dina basa Indonésia mah “pertunjukan”. Lian ti éta aya ogé nu kréatif nyieun istilah anyar keur ngaganti istilah asing ku maké kecap “pinton”. Upamana aya istilah “pinton anggon” keur ngaganti “peragaan busana” jeung “pinton wewesén” keur ngaganti istilah “adu kekuatan”.
Ayeuna aya deui istilah “paminton”, nu dipaké ngaran gedong téa. Upama dipapandékeun kana pola kecap nu maké rarangkén hareup /pa-/, “paminton” ngandung harti anu minton, atawa anu némbongkeun. Hartina ngarujuk kana “palaku” atawa “jalma”.
Ari kecap “balé” hartina adegan wawangunan, gedong, atawa mun ayeuna mah kantor. Upamana “balé désa” hartina gedong désa atawa kantor désa. “Balé nyungcung” hartina gedong atawa wangunan anu nyungcung, atawa masjid (da baheula mah masjid téh geuning nyarungcung). Ka “balé nyungcung” hartina kawin atawa dirapalan, da baheula mah nu dirapalan téh kudu di masjid. “Balé Kota” hartina gedong kota, jeung sajabana.
Ayeuna aya istilah “balé paminton”, mun dirarampa dumasar kana pola di luhur kira-kira ngandung harti gedong anu minton atawa gedong anu némbongkeun. Lamun téa mah éta gedong diajangkeun pikeun gedong kasenian atawa “gedung pertunjukan” kuduna lain “balé paminton” tapi “balé pintonan”. Atawa batan hésé néangan kecap anyar anu can puguh dipikaharti ku balaréa, cukup maké istilah “gedong kasenian” cara anu dipaké ku Gedong Kasenian Rumentang Siang di Kosambi Bandung, atawa Gedong Kasenian Mis Cicih di Jakarta.
Upama hayang béda, sarta boga niat manggihan jeung maké istilah anu anyar, sawadina ditimbang-timbang heula aturanana dumasar kana harti basa nurutkeun kamus, atawa dibeuweung diutahkeun heula ngarah ngalagena jeung henteu rancu.
Cag!
Kelenci Jeung Domba Adu
Ku Aki Jati
Jaman baheula, di hiji leuweung aya kelenci keur nyatu bangun anu ponyo naker. Keur kitu, torojol domba Adu datang. Nénjo aya kelenci keur nyatuan, pok domba adu téh nyarita.
“Kelenci, manéh mah ari nyatu rampus, ari awak leutik baé. Asa cumah nyatu unggal poé gé, ukur méakkeun jukut baé!’’ cenah.
‘’Naha kudu kumaha ari awak kuring? Apan iyeuh lintuh!’’walon kelenci.
‘’Yéh,lintuh ! Dibandingkeun jeung pingping kuring hiji gé gedé kénéh pingping kuring!’’ ceuk domba semu ngahina pisan.
‘’Atuh nya mereun,ari dibandingkeun jeung bangsa manéh mah, Domba! Da sagedéna gé awak bangsa kuring ukur sakieu!’’ walon kelenci. Haténa ngarasa teu ngeunah dihina teu puguh-puguh ku domba adu.
‘’Dasar goréng milik bangsa manéh mah, dikadarkeun boga awak téh ukur sagedé kitu! Yeuh ténjo kuring, awak jangkung badag, tanduk ranggaék! Bangsa Careuh, Ajag, Oray, moal waranieun ganggu ka kuring mah! Coba ka manéh, boro-boro maung anak ucing gé wanieun nekuk!’’ ceuk domba adu meni ieu aing pisan.
‘’Ah, na ngahina teuing Domba! Na teu sieun katulah manéh téh, da goréng-goréng gé kuring téh tunggal damelan Gusti!’’walon kelenci.
‘’Lain ngahina, da bukti ieu mah! Ceuk domba adu.
‘’Sanajan bukti ogé, teu meunang nganyenyeri kitu, da awak kuring leutik téh lain kahayang sorangan, geus guratna wé!’’ ceuk kelenci,’’ Tong sombong barina gé Domba! Saha nu nyaho hiji waktu mah manéh téh bakal butuh ku pitulung kuring!’’ ceuk kelenci bari nyabar-nyabar manéh.
‘’Yeh, pitulung nanahaon! Mun deuk gé manéh nu butuh ku pitulung kuring. Mun aya ajag atawa careuh nu rék ngerekeb manéh, tangtu moal wanieun mun manéh babarengan jeung kuring mah, da sieuneun diteunggar!’’domba adu kalah beuki sombong ngomongna téh.
Keur kitu…gaur,gaur…! Sora maung ti kajauhan! Kelinci jeung domba adu kacida reuwaseunana. Téréléng wéh kelenci mah lumpat, sup asup kana liangna nu teu jauh ti dinya. Nyumput buni, aman moal karonjangeun ku maung, da liangna téh leutik. Orokaya domba adu! Manéhna bingungeun kudu ka mana nya lumpat, sabab maung geus deukeut teuing! Lamun lumpat pasti kaberik! Rék milu nyumput kana liang kelenci, moal asup da awakna gedé teuing, jaba raridu ku tanduk. Antukna domba adu ukur sarantal-suruntul ka ditu ka dieu, bari geumpeur lain dikieuna.
Kelenci noong tina liangna, ngawaskeun pamolah domba. Mimitina mah hatena mupuas nénjo domba n tadi sakitu ngahinana, ayeuna nyanghareupan marabahaya téh. Tapi dasar kelenci mah bageur, hadé hate, nénjo domba sakitu bingungeunana téh, jadi ngarasa watir. Téréléng manéhna kaluar deui tina liangna serta pok ngomong ka domba adu.
‘’Domba, nyumput tah kana gowok, gigireun liang kuring!’’ cenah. Domba ngalieuk ka lebah gowok téh siga guha ngan leutik. Tapi cukup wé sakalieun awak domba mah.
‘’Ah, katéwak meureun ku maung, da maung gé asup kana gowok sagedé kitu mah!’’ceuk domba adu. Beungeutna mani geus pias bakating ku pohara sieunna.
‘’Moal, ké ku kuring dilimpudan ku taneuh, ngarah teu kacirieunku maung! Sok –sok buru-buru bisi maung torojol manten!’’ ceuk kelenci. Lantaran taya deui jalan séjén, domba ahirna ngagugu ka kelenci. Sup wéh kana gowok téa. Sanggeus domba merenah nyangkeroh dina gowok, gancang kelenci kokoréh kana taneuh ngebul hareupeunana. Sewur…sewur…taneuh kebul téh nutupan gowok. Kelenci naker tanaga, mani pakupis ngoréhan taneuh sabab sieun maung kaburu datang. Sakeudeung gé gowok téh geus limpud ku taneuh. Awak domba teu témbong. Ngan sina mélénge wé sagedé liang kelenci, bisi domba eungapeun. Sanggeus berés, tibuburanjat kelenci asup deui kana liangna sabab maung geus deuket pisan. Geus kadéngé gogorobasanana ogé. Teu salah, ari jol téh maung datang! Gaur, gaur,ngagaur! Sungutna ranggéténg ku huntu jeung sihung, pikagilaeun ! Terus lanjang-lanjing di dinya. Panonna moncorong, irungna unggas-ingus, sabab ngambeu aya hakaneun di lebah dinya. Apaleun maung mah, da tukang ngahakanan batur. Mangkaning keur lapar pisan, ti isuk can baranghakan! Ku maung katenjoeun aya liang kelenci, tapi teu bisa nanaon da teu sanggupeun asup kana liang sakitu leutikna mah. Gowok nu dipaké nyumput ku domba adu, kacirieun deuih. Tapi cuek wé, da disangkana éta gé sarua liang kelenci.
Kelenci jeung domba caricing, jarempé ngadedempés di tempatna masing-masing. Domba mah degdegan, da teu biasa nyumput dini kitu. Tapi kelenci mah santéy wé, da di imahna. Cupak - capék, naon. Maung kalantang-kulinting kénéh, néangan susuganan aya domba, atawa peucang atawa uncal, atawa sapi, atawa naon menu bisa dihakan. Tapi geus sidik euweuh mah, léos wéh ngaléos bari garam-gerem jeung guar-gaur. Gendok meureun pédah teu beubeunangan nanaon. Sanggeus sidik maung geus jauh, kurunyung kelenci kaluar tina liangna. Tirilik ka hareupeun gowok panyumputan domba adu.
‘’Kaluar, dombs! Geus aman!’’cenah.
Kurumuy domba adu kaluar tina panyumputanana, mani kuyumut. Terus gigibrig jeung gogodeg, nurunkeun kekebul nu narapel dina sakujur buluna.
‘’Duh, nuhunteuing, Kelenci! Kuring kacida tumarimana kana kahadéan manéh. Kumaha petana kuring mulang tarima ?’’ ceuk domba adu bari kulumas-kélémés semu éra.
‘’Lah, teu kudu mulan tarima sagala, da kawajiban, papada mahluk mah kudu tulung-tinulungan…,’’ walo kelenci meni soléh naker,’’Ngan…paménta kuring mah, manéh tong sok resep ngahina ka batur téh. Ulah kena-kena awak badag sarta gagah, kanu leutik téh meni embung ngahargaan pisan !’’ ceuk kelenci leuleuy.
‘’Heueuh, hampura wé, rumasa kuring téh salah, gedé dosa. Pék cirikeun, ti ayeuna ka hareup mah kuring rék ngoméan adat, moal daék huna-hina,malah deuk nyaah kanu leutik téh,’’ ceuk domba adu terus jeung haté. Teu jalir tina jangjina domba adu téh. Enya ti harita mah, adat sombongna téh leungit. Kanu leutik nyaah. Sosobatanana jeung kelenci beuki rakét baé.
"Giri lungsi tanpa hina"
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina
Click here to claim your Sponsored Listing.
Category
Website
Address
Garut 1
44162